Text
Kamus lengkap Sunda - Indonesia, Indonesia - Sunda, Sunda - Sunda
Sakawitna, ieu kamus teh disusun dumasar kana kaperyogian enggoning ngajarkeun basa Sunda di sakola. Margi kabuktosan, para siswa teh kirang nyangking kabeungharan kecap basa Sunda anu jembar. Malih dina sawatawis kecap mah langkung mikawanoh kecap basa Indonesiana tibatan kecap basa Sundana
Namung, dina sawatawts paguneman sareng paraguru basa Sunda sanesna, diantawisna nalika lumangsungna Kongres Basa Sunda taun 1993 di Gedong Merdeka Bandung: tetela hal anu sarupi kitu teh karandapan oge ku aranjeuna. Upadi anu ngawulang di wewengkon Botabek mah, dina paguguneman sadidinten oge seuseueurna mah tos nganggo basa Indonesia (Jakarta) bae.
Dumasar ka dinya, anu kawitna curat-coret samporet teh, langkung dijembaran deui. Sanaos kitu, entrina mah angger dijojoan anu sakintenna seueur dianggo dina paguneman sadidinten. Sakedahna memang, pilihan entri teh dumasar kana panalungtikan anu gemet. Namung, kumargi waktos anu samporet, sedengkeun masalah anu aya numutkeun sim kuring saparakanca teu sae upami teu dipalire, pilihan entri teh mung dumasar kana asumsi bae. Mugia kaggo kapayunna tiasa digarap ku paraahli basa Sunda.
Ieu kamus dijudulan Kamus Lengkep, sanes lengkep entrina anu dimaksad teh, namung lengkep jenisna. Bagian kahiji Sunda-Indonesia. Bagian kadua, Indonesia- Sunda. Bagian katiluna Sunda-Sunda.
Tangtos ari kakirang mah aya bae, sim kuring saparakanca neda sih hapuntenna. Mugia henteu ngirangan maksad kanggo ngeuyeuban pabukon Sunda enggoning nanjeur-ajegkeun basa katut budaya Sunda
Tidak tersedia versi lain